Resensi Hikayat "Dimana Muhammad"
1. Identitas Buku
Judul : Dimana Muhammad
Penulis : Abdullah Mustappa
Jenis : Hikayat Sejarah
Penerbit : Geger Sunten
Taun Terbit : 1994
Cetakan : Kalima
Tebal : 80 halaman
2. Kepengarangan
Abdullah Mustappa (lahir 18 November 1945) adalah seorang jurnalis, sastrawan dan kolumnis Indonesia yang berperan dalam sastra Sunda. Ia adalah penulis puisi, cerpen, esai, artikel dan terjemahan, baik dalam bahasa Sunda maupun bahasa Indonesia.
Alasan : Alesan milih buku ieu kusabab ieu carita ngenaan kisah nabi Muhammad jaman baheula, méh arurang apal.
3. Sinopsis Bab Tufail
Sanggeus Abu Jahal narima béja Umar asup Islam jeung wani ngaku sacara terbuka, jalma - jalma kafir Mekah anu ngarumpul di Darun-Nadwah beuki bingung. Ku kituna Utbah, Walid jeung nu séjénna langsung ngajieun rencana jeung ngabéjaan balaréa anu di pasar, ku saban Muhammad osok datang jeung nyamperkeun jelema anu ker ngarariung di pasar. Utbah ngajieun rencana jeung nyebarkeun berita bahwa Muhammad téh tukang sihir jeung tukang ngabohong. Utbah nunjuk An-Nadzr jeung ngabéjaan jalma - jalma anu dipasar ku sabab manéhanana téh mémang ahlina dina urusan nyarita. Basana pinuh mamanis, jaba kanyahona punjul pisan ti batur. Basa ngadéné béja yén Muhammad meunang wahyu téh sabada cicing di jero gua Hira sababaraha waktu lilana, An-Nadzr gé nurutan. Malah, teu cukup ku kitu. An-Nadzr terus ngumbara ka Pérsia sababaraha lilana. Tapi hasilna nihil, An-Nadzr teu menangkeun nanaon, manéhanana langsung ngabéjakeun ka balaréa anu dipasar bahwa Muhammad téh tukang ngabohong, manéhanana ngahasut jalma - jalma anu dipasar bahwa tong percaya ka kata - kata Muhammad. Tapi didinya aya anu henteu yakin, ngarana Tufail, Tufail éta langsung indit ka bumina Rasullullah jeung ngapuguhkeun bahwa berita éta bener atau henteu. Teu lila didinya Tufail langsung percaya ka Rasulullah, didinya kénéh manéhanana langsung ngucapkeun sahadat.
4. Identifikasi Buku
1. Tema : Keagamaan
1. "Sanggeus meunang béja ti Abu Jahal yén Ummar geus asup Islam sarta wani ngaku terang-terangan".
2. "Parakekentong Qurésy téh sok milih tempat kalawan bagilir".
3. "Basa ngadéngé béja yén Muhammad meunangna wahyu téh sabada cicing di jero guha Hira sababaraha waktu lilana"
4. "Agama Majusi anu sumberna ti dinya, nyebar ka mana-mana, kaasup nepi ka kota Mekah.".
5. "Ayeuna mah mun dina nyarita téh sok diselang-selang ku tembang, eusina rupa-rupa sa'ir jeung pupujian ka sesembahan- ana".
2. Alur : Maju
3. Tokoh dan Penokohan :
1. Utbah : Antagonis
Bukti : "Enya, sebutkeun wé upamana yén Muhammad téh jalma teu pati waras."
2. Walid bin Mughirah : Antagonis
Bukti : "Tah sigana enya, mun kitu mah kaharti. Urang sebutkeun wé ka saréréa, lamun aya Muhammad nyampeurkeun, kudu buru-buru nyaringkah. Lantaran lamun geus kapangaruhan ku Muhammad mah pan nu enggeus-enggeus gé kalah matak sakitu ripuhna."
3. An - Nadzr : Antagonis
Bukti : "Heh dulur - dulur!... Naon cenah bieu nu dicaritakeun ku Muhammad téh? Yeuh, kadé sing ati-ati nyanghareupan manéhna mah. Pasti ngakuna téh cenah geus diangkat jadi Rasul, nya? Ulah percaya. Omat ulah percaya. Sim kuring gé kungsi meuting sababaraha poé di guha Hira, buktina euweuh nanaon. Bohong, pajar Muhammad geus narima wahyu di dinya téh..."
4. Tufail : Protagonis
Bukti : "Sabada meunang katerangan ti Rasulullahna ku anjeun, harita kénéh Tufail ménta ditungtun ngucapkeun sahadat."
4. Latar :
Tempat : Pasar, Gua Hira, Darun-Nadwah, Bumi Rasulullah.
5. POV (Pusser sawangan) :
Sudut pandang orang ketiga.
6. Amanat : Arurang tong percaya jeng gampang kahasut ka berita anu can tangtu bener. Arurang ogé tong nyebarken berita jeung fitnah.
5. Kelebihan dan Kekurangan Buku :
Kelebihan : Bahasana kaharti & gampang dipahami.
Kekurangan : Aya bahasa anu kurang kaharti gambarna saemét.