Babad Sumedang - Kisah Hanjuang, Waruga Jagat bahasa sunda
Kelompok : Deka Nandya
Siffa Nur Cahya
Isma Aprillia
Nasya Oktania R
Tangkal hanjuang mangrupakeun lambang kajayaan karajaan sumedang larang. Eyang Jaya Perkasa mangrupakeun senopati nu terahir di sumedang samemeh runtuhna karajaan Pakuan Padjajaran. Eyang jaya perkasa bisa nyalametkeun Mahkota Karajaan (Binokasih) jeung atribut karajaan sejenna sarta dipasrahkeun ka raja Sumedang Larang, ti saprak pangiriman mahkota anjeunna jadi Senopati ti Karajaan Sumedang Larang.
Aya béja Putri Harisbaya jeung Pangeran Geusan Ulun jadi paséa antara Cirebon jeung Sumedang Larang, nepi ka Cirebon ngirim pasukan pikeun nyerang ka Kutamaya sumedang.
Sanajan kitu, pasukan Cirebon gagal, sabab dicegat ku pasukan Sumedang Larang anu dipingpin ku Senopati Eyang Jaya Perkasa. Kacaritakeun samemeh Eyang Jaya Perkasa rék nyanghareupan pasukan Cirebon, anjeuna melak tangkal Hanjuang di Kutamaya, tuluy nitipkeun béja:
“Lamun ieu tangkal hanjuang masih seger tur hirup kénéh, hartina kuring masih kénéh hirup jeung ulah ninggalkeun Kutamaya,” ceuk Éyang Jaya Perkasa. Numutkeun carita keur perang, Éyang Jaya Perkasa téh papisah jeung tilu lanceukna nu milu perang.
Salah sahiji dulurnana nu ngaranna Nangganan, curiga yén Éyang Jaya Perkasa téh geus gugur dina peperangan, tuluy mutuskeun balik ka Kutamaya pikeun mamatahan Pangeran Geusan Ulun pikeun mindahkeun puseur pamaréntahan Sumedang Larang ti Kutamaya ka Dayeuh Luhur, minangka pertahanan anu pohara strategis.
Seserahan wéwéngkon Sindangkasih (Majalengka) minangka pangmayaran talak ka raja Cirebon sarta nikahna Putri Harisbaya jeung Pangeran Geusan Ulun kungsi ngadamaikeun pacékcok antara Cirebon jeung Sumedang Larang.
Dilain waktu, Senopati Éyang Jaya Perkasa mulang ti medan perang manggihan Kutamaya téh geus ditinggakeun. Tangtu waé anjeunna kaduhung kana kalakuan Pangeran Geusan Ulun. Sateupina di Dayeuh Luhur anjeunna maéhan Nangganan dulurna, kusabab kasalahanana.
Kacaritakeun, kucéwana Éyang Jaya Perkasa anu sabenerna nyaéta ngaharepkeun pikeun mulangkeun kaagungan jeung kamulyaan Karajaan Pakuan Padjajaran ngaliwatan karajaan Sumedang Larang geus gagal. Samentara éta tangkal Hanjuang anu dipelak ku Éyang Jaya Perkasa masih kénéh mekar seger di Kutamaya (ayeuna Désa Padasuka, Kacamatan Sumedang Kalér).
Kucéwa jeung Ngéwana ka musuh ogé di isarahkeun ka turunanna engké, lamun jarah ka kuburanna teu meunang maké baju batik, anu dina pamadeganna mangrupakeun ciri has tina baju musuh-musuhna.